Kamis, 12 Januari 2012

Rasa ti salira

Rasa ti salira

oleh Neni Geo Albanjari pada 6 Januari 2012 pukul 19:21
Rasa ti salira mapaesan lalangit kalbu, dipulas  bulao ngaligarkeun asih na weningna ati
dirumat ku rema kaheman ngagolontorkeun katresna nu ngagulidag

Rasa ti salira ningkeuran hate ku simpay kadeudeuh, dipiguraan ku kuwung kuwung kasono
diuntun ku salempay kamelang dina pasini nu nganti wanci

Rasa ti salira nyumiratkeun gumiwangna cahya harepan, lir lampion pusaka ratuning rasa
dipulasara ku hibarna kanyaah nyumanding na geleterna cinta nu rosa

Rasa ti salira nyaliara teu kawawa na mayakpakna bodasna asih sumeleke na dasar hate
 dipupusti ku rasa rumasa, ngabagjaan  raga sukma mugurkeun kamangmang


jumat peuting, 6 januari 2012
Banjar kenangan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar