Kamis, 17 November 2011

Urang Sunda

Peuting
Kuring nyelegon na mongklengna peuting nu ngeukeupan beuki pageuh, teu kareret jungkiringna kalangkang dunya nu sok nutur nutur pikainggiseun, "Milik kuring sagemblengna peuting mah?!", hate bungangang. Srot...srot...jorelat...kerewek leungeun leungeun kalangkang nu dipikarempan nyerek awak sabeuleugeunjeurna nu ku kuring teu kaburu digiwarkeun, meungkeut pageuh meureut ati." Na peuting ge anjeun milik kuring!", gorowok kalangkang nu kahudangkeun ku sorot bulan nu teu ngahaja noong buana. Peuting beuki motah, awak jeung rasa kalimpudan dunya, ngahegak. ( catetan Neni Geo Albanjari - Senen Peuting, 141111)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar